Pages

Jumat, 05 Februari 2010

paribasa sunda

A
Adam lali tapel : Poho ka baraya jeung poho ka lemah cai.
Adat kakurung ku iga : Adat nu hese digantina.
Adean ku kuda beureum : Beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakean batur.
Adigung adiguna : Gede hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeung.
Aya astana sajeungkal : Anu mustahil oge oge bisa kajadian.
Aya jalan komo meuntas : Eukeur mah aya maksud, turug turug aya pilantaraneun.
Aya bagja teu daulat : Arek meunang bagja atawa kauntungan tapi teu tulus.
Aya Peurah : Aya komara, aya harega , aya pangaji.
Ayakan tara meunang kancra : Nu bodo jeung nu pinter moal sarua darajatna jeung panghasilanana.
Akal koja : Pinter dina kagorenganatawa kajahatan.
Aku panggung : darehdeh jeung mere maweh, ngan hanjakal ku ieu aing asa pangpunjulna, pangbeungharna jste.
Aku aku angga : Nagku barnag baatur kalawan ngandung maksud hayang mibanda. Ngaku baraya batur anu beunghar atawa jeneng, mamrih kahormatan ataw kauntunga.
Aki aki tujuh mulud : Lalaki nu geus kolot pisan.
Alak paul : Tempatna nu lain dikieuna, ngeunaan jauhna jeung pisusaheunana.
Alak alak cumampaka : Resep jeung hayang dipuji batur, boga rasa Pangpunjulna. Anu handap hayang nyaruaan nu luhur, nu hina hayang nyaruaan nu muya.
Alus panggung : alus laur hade ome, Tegep dedeg pangadegna.
Ambek nyedek tanaga midek : Ari napssu pohara gedena, ngan masih bisa meper diri.
Anak merak kukuncungan : Sipaat-sipat nu aya di anak, babakuna nu hadena, sasarina loba anu diturunkrun ku kolotna.
Anak puputon : Anak nu kacida didama-damana, nu pohara dipikanyaah.
Anjing ngagogogan kalong : Mikahayang nu lain lain, nu pamohalan pilaksanaeun.
Aub payung, sabet panon, sabasoba : Wewengkon, ngeunaan tanah.
Ari umur tunggang gunung, angen angen pecat sawed : Ari umur geus kolot tapi hate ngongoraeun keneh.


Asa ditonjok congcot : Meunang kabungah nu gede, anu saenyana teu diarep arep.
Asa nanggeuy endog beubeureumna : Kacida nyaahna.
Asa potong leungeun katuhu : Leungiteu jalma nu pohara hade gawena.
Ati mungkir beungeut nyinghareup : Palsu, siga sono, tapi henteu. Siga suka, tapi henteu, siga nyaah tapi hanteu.
Ambekna sakulit bawang : Gampang pisan ambek, jeung mun geus ambek teu reureuh sakeudeung.
Aya jalan komo meuntas : Aya lantaran anu diarep arep ti tadina nepi ka maksud urang gancang kalaksanakeun.
Asa dijual payu : Ngungun dumeh nyorangan di panyabaan, jauh ti indung bapa.
Anjing ngagogogan kalong : Mikahayang nu moal baka; kasorang.
Anak merak kukuncungan : Turuna anu hade laku lampahna, luhur budina, galibna sok hade deui laku lampahna, luhur deui budina, cara luluhurna bae.
Asa ditumbu umur : Boga rasa kahutangan budi anu pohara gedena.
Aya jalan komo meuntas : Aya pilantaraneun atawa pijalaneun pikeun ngalaksanakeun atawa ngabulkeun kahayang.
Asa nyanghulu ka jarian : Ngawula ka anu sahandapeun umur pangarti atawa pangalaman.
Aya di sihung maung : Kulantaran loba kawawuh gegeden dina aya karerepet atawa kaperluan penting gampang naker meunang pitulungna.
Ari diarah supana, kudu dipiara catangna : Naon bae nu mere hasil ka urang kudu diurus bener bener.

B
Beuteung anjingeun : Ngeunaan ka jelema nu beuteungna cara/siga beuteung anjing.
Belang bayah gindi pikir : Boga pikiran goreng ka papada kawula.
Baleg tampele : Ari rasa tresna ka lalaki geus aya, ngan lamun papanggih jeung jelemana gede keneh kaera.
Bali geusan ngajadi : Tempat dilahirkeun.
Balung kulit kotok meuting : Teu eureun eureun nyeri hate ti baheula nepi ka kiwari.
Balungbang timur, caang bulan opat belas, jalan gede sasapuan : Beak karep ku rido jeung beresih hate.
Banda tatalang raga : Lamun urang papanggih jeung karerepet, gering upaman, euweuh halangan urang ngajual barang nu aya pikeun ngabela diri, meuli ubar sangkan waras.
Bengkung ngariung bongkok ngaronyok : Babarengan sok sanajan dina hina, rugi, atawa cilaka.
Beurat nyuhun beurat nanggung, beurat narimakeunana : Pohara narimakeunana kana pitulung, ngan teu kawasa ngedalkeun ku lisan atawa tulisan, Anging Gusti nu ningali.
Beureum paneureuy : Seuseut batan neureuy keueus, Hese pisan, seuseut seuat ngahasilkeun maksud.
Beurat birit : Hese jeung sungkan dititah.
Biwir nyiru rombengeun : Resep mukakeun rasiah sorangan atawa rasiah batur.
Biwir sambung lemek, suku sambung lengkah : Henteu milu milu kana tanggung ajwabna mah, ieu mah ngan saukur mangnepikeun dumeh jadi utusan, ngemban timbalan tinu lian.
Bobo sapanon carang sapakan : Aya kuciwana, lantaran aya kakuranganana atawa karuksakanana.
Bobor karahayuan : Henteu rahayu, henteu salamet, meunang kacilakaan atawa tiwas.
Buluan belut, jangjangan oray : Pamohalan kajadian.
Bungbulang tunda : Tunda talatah.Lamun dititah tara sok pek ku maneh, tapi sok nitah deui ka batur.
Bur beureum bur hideung, hurung nagtung siang leumpang : Ginding, loba pakean anu aralus dipake.
Buburuh nyatu diupah beas : Nyiar pangarti tur diburuhan atawa digajih.
Buruk buruk papan jati : Ka sobat atawa ka baraya mah sok hayang ngahampura bae lamun aya kasalahan teh.
Bonteng ngalawan kadu : Nu leutik ngalawan nu gede.
Buntut kasiran : Koret, medit, ngeupeul, tara pisan daek barangbere.
Biwir nyiru rombengeun : Resep ngucah ngaceh rasiah atawa kaaeban boh nu sorangan boh nu batur.
Budi santri, legeg lebe, ari lampah euwah euwah : Ari laku lampah mah kawas santri tapi sok ceceremed.
Bluk nyuuh blak nangkarak : Kabina bina rajina dina enggoning nyiar kipayah.
Bilih aya tutus bengkung : Bisi salah pokpokanana.

C
Cara bueuk meunang mabuk : Ngeluk bae, teu lemek teu carek, euweuh hojah, euweuh karep, euweuh kahayang sabab era tawa sieun.
Ciri sabumi cara sadesa : Beda tempatna, beda deui adat jeung kabiasaanana.
Caang bulan dadamaran : Migawe nu kurang mangfaat.
Cara jogjog mondok : Carekcok bae, mani gandeng naker.
Cara gaang katincak : Anu tadina rame kacida, ayeuna mah jadi jempling pisan.
Cikaracak ninggang batu laun laun jadi legok : Najan bodo asal leukeun diajarna lila lila oge tangtu bisa.
Ceuli lentaheun : Sok gancang nyaritakeun ka batur naon bae anu kadenge, turtaning tacan karuhan eta beja teh bener henteuna.
Cileuncang mande sagara, Cecendet mande kiara, hunyur nandean gunung : Nyaruaan ka jelema anu saluhureun harkatna, darajatna atawa pangabogana.
Cacag nangkaeun : Hanteu beres , hanteu rata.
Cecendet mande kiara : Nu leutik nyaruaan anu gede, nu miskin nyaruaan nu beunghar.
Cara simeut hiris, tai kana beuheung beuheung : Pohara bodona, beunang dibobodo atawa ditipu ku batur.
Cangkir emas eusi delan : Omonganana mah alus nepi ka urang jadi percaya jeung kataji, tapi hatena jahat jeung matak bahaya ka urang.
Cikaracak ninggang batu laun laun jadi legok : Ku dileukeunan mah sakumaha hesena ge lila laila jadi bisa.
Cicing dina sihung maung : Nganjrek di jelema anu nyusahkeun atawa bakal nyilakakeun ka diri urang.
Clik putih clak herang : Kaluar tian ahte anu beresih, rido pisan, teu aya geuneuk maleukmeuk.
Congo congo ku amis, mun rek mais oge puhuna : Kumaha arek bageurna dinu ajdi anak, lamun bapana henteu bageur.

D
Dipiamis buah gintung : Disangka hade jeung bageur , tapi buktina goreng jeung jahat.
Daek macok embung dipacok : Daek ngarah kana rejeki atawa pakaya batur, tapi diarah rejekina atawa pakayana ku batur mah embung.
Dagang oncom rancatan emas : Ari modalna gede kacida, ngan batina anu diarah kacida leutikna.
Dah bawang dah kapas : Tah barangna tah duitna.
Disakompet daunkeun, dihurun suluh : Dihijikeun bae, disaruakeun bae, teu dibeda beda.
Deugdeug tanjeuran : Pada ngadeugdeug, pada nongton, sabab jadi tongtonan kulantaran pinter dina kasenian.
Deukeut deukeut anak taleus : Ari imahna mah puguh padeukeut, ngan hanjakal teu nyaho tibareto yen baraya.
Dihin pinasti, anyar pinanggih : ditangtukeunana, ngan kakara ayeuna kalakonanana atawa kapanggihna.
Dogdog pangrewong : Bantuan abu euweuh hartina, dina teu aya oge teu naon naon.
Dogong dogong tulak cau, geus gede dituar batur : Ngantian jeung mahugi parawan ti keur leutik keneh, sugan diparengkeun ku nu Kawasa jadi pipamajikaneun, na ari geus gede dikawin batur, atuh hese cape taya gawe.
Dosa salaput hulu : Kacida loba dosana.
Kacida loba dosana : Awewe mah nurutkeun bae, kumaha diaturna jeung diparentahna ku nu jadi salaki.
Duum tinggi : Ngabagikeun naon naon henteu kalawan adil aya nu loba, aya bu saeutik.
Dipiamis buah gintung : Disangka hade jeung bageur tapi buktina goreng jeung jahat.
Dikungkung teu diawur, dicangcang teu diparaban : Ari dipegat mah teu acan, ngan geus teu dipeutingan jeung teu dibalanjaan.
Daluang katinggang mangsi : Susuganan katuliskeun aya jodo (waris).
Dihin punasti anyar pinanggih : Baheula ditangtukeunana, kakara ayeuna kalampahanana. Geus kitu ti ajalina, kakara ayeuna kajadianana.
Deukeut deukeut anak taleus : Ari imah puguh oge padeukeut ngan hanjakal hanteu nyaho ti bareto, yen eta the baraya.
Ditangtang ditengteng dijieun bonteng sapasi : Dialak ilik lantaran dianggap aneh.
Ditilik ti gigir lenggik, disawang ti tukang lenjang, diteuteup ti hareup sieup : Lenjang jeung geulis pisan, pantes kewes.

E
Elmu ajug : Pinter ari mapatahan batur mah, tapi prak ku sorangan henteu.
Elmu sapi : Samiuk (ngahiji) kana kagorengan.
Elmu tumbila : Nu boga imah ngarugikeun ka tatamu.
Elok bangkong : Nuju sakarat, ngan kari tunggu dawuh bae.
Endog sapatarangan, peupeus hiji, peupeus kabeh : Kasusah atawa karerepet anu tumiba ka dulur, baraya atawa sobat, balukarna ngabingungkeun atawa nyusahkeun ka sarerea.
Endog tara megar kabeh : Najan saindung sabapa henteu sarua milikna, rejekina atawa darajatna.

G
Galehgeh gado : Darehdeh tapi henteu terus kana hate : .
Gancang pincang : Kulantaran digawena buru buru jeung kurang ati ati hasilna teh teu nyugemakeun.
Gantung denge : Hanteu terus bisa ngadengekeun hiji perkara jeung pohara hayangna neruskeun ngadengekeun.
Gantung teureuyeun : Hanteu terus daharna sabab dahareunana geus beak atawa daharna kapaksa kudu eureun heula ku lantaran aya dahareun nu didagoan.
Gede gunung pananggeuhan : Adigung kulanatran boga kolot atawa baraya baleunghar ataw jareneng.
Gede gede kayu randu, dipake pamikul bengkung, dipake lincar sok anggang, dipake pancir ngajedig : Ngeunaan ka jelema anu jangkung ahrelung tur dedeg ngan hanjakal gawena jeung karajinanana goreng.
Geulis sisi, laur gunung, sonagar huma : Ari rupa mah tegep ngan dangong dusun meledug.
Gindi pikir belang bayah : Goreng hate, dolim, julig , dengki.
Ginding kakampis : Ari pake mah ginding ngan duit teu boga.
Giri lungsi tanpa hina : Nu luhur jeung nu handap sarua bae ulah dihina.
Goong saba karia : Datang sorangan ka anu keur kariaan sanajan hanteu di ondang, maksudna hayang dititah gawe sangkan seubeuh baranghakan.
Gunung tanpa tutugan, sagara tanpa tepi : Euweuh anggeusna, euweuh beakna.
Gurat batu : Pageuh kana jangji.
Getas harupateun, pinggeus harepan : Gampang pisan nyalahkeun atawa ngahukum ka batur.
Ginding kakampis : Ari pake mah ginding, ngan duit teu boga.
Gindi pikir belang bayah : Boga pikiran goreng ka papada kawula.
Gede gunung pananggeuhan : Boga ahli atawa kawawuhan anu beunghar atawa jadi gegeden, dina urang aya karerepet atawa butuh ku pitulung, eta jalma bisa nulungan ka urang ku kabeungharan atawa kakawasaan.
Gusti Alloh tara nanggeuy dibongkokna : Gusti Alloh tara nangtayungan ka mahlukna anu salah atawa boga dosa ka papada kawula.
Giri lungsi tanpa hina : Nu luhur jeung nu handap sarua bae ulah dihina.

H
Hampang birit : Gampang jeung adekan dititah.
Hayang untung jadi buntung: Teu papanggih ari jeung kauntungan mah, papanggih soteh jeung karugian anu sama sakali henteu diarep arep.
Hade gogog hade tagog : Hade basa jeung hade tingkah lakuna.
Hambur bacot murah congcot : Goreng sungutna jeung sok mindeng nyarekan deuih tapi berehan sok daek barangbere dahareun.
Handap lanyap : Handap asor, daek ngahprmat ka batur, tapi boga hate luhur, tungtungna sok ngunghak jeung kurang ajar, temahna batur loba nu teu resepeun.
Hirup nuhun paeh dirampes : Rido pisan pasrah pisan, teu boga kahayang naon naon.
Hapa hapa ge ranggeuyan : Miskin miskin oge da boga salaki nu ngurus jeung nangtayungan.
Harewos bojong : Harewos anu cukup tarikna, nepi kadenge ku jelema anu deukeut kalawan tetela pisan.
Harus omong batan goong : Beja teh sasarina sok gampang jeung gancang nerekab, kulantaran umuna sok pabeja beja.
Hejo tihang : Resep jeung remen gunta ganti imah tempat atawa pagawean.
Herang herang kari mata, teuas teuas kari bincurang : Bareto mah beunghar ayeuna kari miskina
Herang caina beunang laukna : Nu dipikahayang bisa laksana tur teu nganyenyeri batur.
Hanteu gedag bulu salambar : Hanteu sieun atawa gimir saeutik eutik acan.
Heueuh heueuh bueuk : Nyatujuan ari diluar mah, ngan bae henteu terus jeung hatena.
Heurin ku letah : Hayang jeung perlu ngabejakeun hiji perkara, ngan sieun pok kulantaran loba karisi/ karempan
Haripeut ku teuteureuyeun : Gancang atoh dina meunangna rejeki, boh dahareun boh duit kalawan teu ngingetkeun balukarna ieu teh rejeki halal atawa haram.
Hirup dinuhun paeh dirampes : Pasrah pisan, rido pisan teu boga kahayang naon naon.
Hirup ku panyukup gede ku pamere : Hirup samahi mahi ku pamere batur bae, sabab teu purun hojah sorangan dina enggoning nyiar kipayah.
Hirup ulah manggih tungtung, paeh ulah manggih beja : Kudu bageur kudu hade laku lampah supaya alus kacaritakeunana.
Hulu dugul dihihidan : Nu keur senang tambang senang, nu keur untung tambah untung.
Hunyur nandean gunung : Nyaruaan ka jelema saluhureun harkatna atawa pangabogana.
Hurung nangtung siang leumpang : Ginding karana make papakean atawa perhiasan anu aralus.
Halodo sataun lantis ku hujan sapoe : Kahadean anu sakitu gedena tur lilana leungit pisan ku kagorengan atawa kasalahan sapoe.
Herang caina beunang laukna : Maksud bisa kahontal kalawan beres teu aya pihak anu dirugikeun atawa dinyenyeri.
Heurin ku letah : Teu kaduga ngabongkar hiji perkara kulantaran loba karisi karempan paur jeung inggis ku balukarna.
Hapa hapa ge ranggeuyan : Enya ari miskin tea mah, ngan lumayan da ari salaki mah boga.
Hurung nagtung siang leumpang : Eukeur mang beunghar loba pakean anu aralus turug turug resep

L
Lain ku tulang munding kabeureuyan mah, ku cucuk peda : Arek cilaka mah ku kasalahan anu leutik oge bisa, teu kudu ku kasalahan anu gede bae.
Lauk buruk milu mijah piritan milu endogan : pipilueun kana hiji kalakuan ku lantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goreng katenjona.
Leutik burih : Euweuh kawani.
Loba teuing jaksa : Loba teuing anu pinter nu ngatur jeung mapatahan, balukarna matak bingung nu dipapatahan.
Leuleus jeujeur liat tali : Pohara adilna, dina mutus hiji perkara tara beurat sabeulah, jeung loba pertimbanganana.
Legok tapak genteng kadek : Loba luangna pangalamanana jeung kanyahona.
Legok tapak genteng kadek : Loba luangna, loba pangalamanana.
Landung kandungan laer aisan : Gede timbanganana, gede pangampurana.
Lain lantung tambuh laku, lain lentang tanpa beja lain leumpang maladra : Indit ti imah kalawan ngandung maksud anu tangtu, lain lapmah sakaparan paran henteu puguh anu dijugjug.
Lauk buruk milu mijah piritan milu endogan : Pipilueun kana hiji kalakuan kulantaran kabawakeun kubatur, henteu kalawan kahayang sorangan nepi ka goreng katenjona.
Leubeut buah hejo daun : Keur meujeuhna loba rejeki, loba pakaya.
Leuleus Jeujeur liat tali : Memeh mutus hiji perkara salah atawa bener ditimbang timbang heula alus gorengna supaya karasa adil.
Leunggeuh cau beuleum : Teu lutreuk dina ngajalankeun hiji pagawean.
Leutik leutik ngagalatik : Sanajan leutik awakna henteu jangkung tur gede, tapi leber ku wawanen.
Leuteik ringkang gede bugang : Jelema mah teu beunang disapirakeun sabab sanajan leutik warugana, dina aya papaitna atawa bobor karahayuan mah bisa jadi kasusah sarerea.
Leutik cahak, gede cohok : Ari panghasilan saeutik tapi ari pangaluaran mah gede.
Leuwi jero beunang diteuleuman, hate jelema najan deet teu kakobet : Hade gorengna pikiran jelema hese dikira kirana.
Lieuk euweuh ragap taya : Teuing ku miskin nepi ka teu boga naon naon.
Lodong kosong ngelentrung : Kalah ka loba omong bae, ari pangartina mah euweuh.
Luhur kuta gede dunya : Gagah tur beunghar taya kakurang.
Lungguh tutut : Katenjona siga lungguh tapi saenyana mah henteu.
Luncat mulang : Teu beunang dicekelan omonganana, ayeuna kieu engke mah kitu.
Hade ku omong goreng ku omong : Omongan nu hade balukarna hade jeung omongan nu goreng, goreng deui balukarna.
Langsung saur bahe carek : Sok gampang ngagelendeng atawa nyarekan.

M
Ngagulkeun luluhur sorangan : Mun teu usaha moal pinanggih jeung rejeki pibekeleun hirup.
Mindingan beungeut ku saweuy : Ari hate goreng, ngan budi parangi marahmay, perluna pikeun mindingan hate nu goreng tea maksudna supaya ulah kaciri tea.
Mobok manggih gorowong : Meunang jalan pikeun ngalaksanakeun kahayang.
Mun teu ngakal moal ngakeul : Mun teu usaha moal pinanggih jeung rejeki pibekeleun hirup.
teri meunang japuh = Nyair hurang meunang kancra : Kalawan teu disangka sangka meunang milik, darajat atawa kauntungan anu leuwih gede.
Moal neangan jurig teu kadeuleu : Arek nyekel jelema nu aya bae, moal neangan jelema nu euweuh.
Miyuni hayam kabiri : Leutik burih babari sumerah eleh atawa lalaki nu babari sumerah ka awewe.
Mere langgir kalieun : Mere naon naon anu bisa jadi aya pisusaheunana atawa pibahlaeunana.
Muncang labuh ka puhu = Kebo mulih pakandangan : Mulang ka lemburna sabada mang taun taun aya di pangumbaraan/ panyabaan.
Manan Leweh mending waleh : Leuwih hade wakca balakabatan diahir meunang kasusah.
Mangpengkeun kuya ka leuwi : mulang ka lemburna, atawa nitah pindah ka tempat bali geusan ngajadi.
Maliding sanak : Hanteu adil, pilih kasih.
Mopo memeh munggang : Hoream, teu sanggup samemeh prak.
Mun teu ngoprek, moal nyapek. Mun teu ngakal moal ngakeul. Mun teu ngarah moal ngarih : Lamun teu digawe niar kipayah tangtu pisusaheun pikeun hirup.
Moal ceurik menta eusi : Keun bae mawa wadah anu gede oge da lain hayang loba diberena.
Monyet kapalingan jagong : Tukang maling kapalingan, tukang tipu katipu, tukang ngarah nagrinah karoroncodan.
Maut nyere ka congona : Keur ngora senang, tapi ari ka kolotnakeun susah.
Marebutkeun paisan kosong : Marebutkeun hiji perkara anu teu aya hasilna atawa mangpaatna.
Malengpeng pakel ku munding, ngajul bulan ku asiwung : Ngajalankeun (mikarep) hiji perkara anu taya pihasileunana.
Mapay ka puhu leungeun : Mamawa ka kolot atawa ka guru, turtaning kolot atawa guru mah teu nyaho naon naon jeung euweuh patalina saeutik eutik acan.
Meungpeun peureum ku ayakan : Nyaho yen batur teh salah atawa migawe anu dilarang ku Nagara, tapi teu kitu kieu kalahka api api teu nyaho.
Meungpeung teugeu harianeun : Embung pisan tutulung ka batur nu keur susah atawa loba kabutuh.
Neukteuk curuk dina pingping : Ngadakwakeun nu lian, tapi nu ngadakwakeunana meula susah, sabab milu katarik kana perkara, milu adu hareupan jeung hakim.
Mipit teu amit ngala teu menta : Maling boga batur.
Maling boga batur : Miceun nu goreng kulantaran hayang meunang anu alus, tapi tungtungna meunang nu goreng deui bae.
Mupugkeun tai kanjut : Ngetrukeun pangaboga dina waktuna nyunatan atawa ngawinkeun anak anu kacida dipikameumeutna.

N
Ngajul bulan ku asiwung, Mesek kalapa ku jara : Usaha anu mubadir, moal ngadatangkeun hasil.
Ngadu angklung di pasar : Papaduan nguruskeun nu euweuh mangpa’atna di hareupeun jalma loba.
Ngadu ngadu rajawisuna : Mawakeun omongan si A ka si B jeung sbalikna, temahna si A jeung si B pasea, parerea omong.
Ngagulkeun payung butut : Ngagulkeun luluhur sorangan.
Nulungan anjing kadempet : Nulungan jelema nu teu boga pisan rasa tumarima.
Ngadaweung ngabangbang areuy : Pohara nineungna kana jaman nu geus kasorang nepi ka matak waas pacampur jeung sedih.
Nu asih dipulang sengit, nu haat dipulang moha : Nu hade jeung loba jasana ka diri urang, dinyenyeri ku urang, ku omongan atawa ku kalakuan anu goreng.
Ngaliarkeun taleus ateul : Ngabeja bejakeun kagorengan atawa kajahatan batur.
Ngawur kasintu, nyieuhkeun hayam : Ngaraeh jeung darehdeh ka deungeun, sabab hayang kapuji, tapi teu nolih jeung nyapirakeun ka dulur atawa ka baraya sorangan.
Nginjing sila, bengkok sembah : Goreng hate, teu satia ka anu jadi pamingpinatawa dunungan.
Ngusap birit, bari indit : Kulantaran ambek nyedek atawa era paraa, leos bae indit, teu amit heula ka anu araya didinya.
naheun bubu pahareup hareup : Dina pangabutuh silih injeuman duit.
Ngabudi ucing : Teu wani nembongkeun atawa ngedalkeun kahayang atawa kadeudeuh.
Ngodok liang buntu : Hese cape taya gawe, susah payah taya guna, sanajan tihothat oge moal atawa henteu beubeunangan.
Nyolok mata buncelik : Nganyenyeri, ngahina atawa ngawiwirang di hareupeunana.
Nu burung diangklungan, nu edan dikendangan : Ngahaminan omongan atawa carita batur, sanajan ceuk hate sorangan eta omongan atawa carita teh salah.
Nu borok dirorojok , Nu titeuleum disimbeuhan : Nu keur susah ditambah kasusahanana, nu keur nyeri ditambah kanyerina.
Nyeungeut damar di suhunan : Mintonkeun kakayaan, atawa barangbere supaya dipuji.
Nyieun catur taya dapur : Nganggit hiji dongeng nu teu aya galurna.
Ngadeupaan lincar : Ngadeukeutan anu keur sidekah atawa kariaan, supaya katenjo ku anu boga imah jeung diajak dahar.
Nyieun pucuk ti girang : Pangheulana neangan piaseaeun.
Nangkeup mawa eunyeuh : Mawa cilaka ka jelema anu dipentaan tulung jeung geus nulungan ka urang.
Ngagandong kejo susah nyatu : Loba ari titaheun mah boh anak boh bujang ngan hanjakal ku hese nitah, euweuh nu daekeun ari dititah teh.
Nyium bari ngegel : 1.Omongannana hade ngan hate jeung maksudna goreng 2.salakina dipisobat ari pamjikanana dibogohan atawa sabalikna.
Ngagedag bari mulungan : Nanyakeun hiji perkara ka batur anu urang tacan nyaho, tapi embung kanyahoan yen urang tacan nyaho, kulantaran kitu api api geus nyaho bae.
Nyalindung ka gelung : Milu hirup ka pamajikan anu loba pakayana.
Nya ngagogog nya mantog : Nya nitah ka batur nya prak kumanehna.
Nyieun heuleur jeroeun huma : Henteu raket jeung dulur pahare hare bae.
Nyanghulu kajarian : Ngawula ka jelema anu sahandapeun harkatna atawa pangartina.
Nya di hurang nya dikeuyeup : Di unggal jelema oge taya bedana, sarua bae, mungguhing wiwirang atawa katugenah hate mah boh di menak boh disomah sarua bae.
Ngadek sacekn, nilas saplasna : Ngomong/nyarita anu teu dileuwihan atawa dikurangan.
Ngarep ngarep kalangkang heulang : Ngarep ngarep hiji perkara anu kacida banggana jeung sudah pihasileunana.
Ngeplek jawer, ngandar jangjang, miyuni hayam kabiri : Leutik burih, borangan, sieunan, kecing.
Ngarep ngarep bentang ragrag : Ngarep ngraep nu pamohalan bakal kasorang atawa kajadian.
Nu edan dikendangan, nu burung diangklungan : Ngahamina carita tukang wadul.
Ninggang kekecrak : Keur mah goreng rupana, goreng laku lampahna deuih.
Ngeupeul ngahuapan maneh : Lungas lengis mikawelas mikaasih ka diri sorangan, supaya batur welaseun jeung nulungan ka urang.
Ngodok liang jero : Teu hasil enggoning nyiar rejeki, kaditu kadieu luput bae.
Ngadagoan kuah beukah : Ngadagoan pasesaan kadaharan ( Hal ieu ngan wungkul tukang babantu di imah batur bae, anu saenyana mah ayana tukang babantu teh henteu perlu)
Ngukur ka kujur nimbang ka awak : Ngaluarkeun duit pikeun kaperluan hirup, pakan, pake jste disaluyukeun jeung pangala.
Ngukut kuda kuru ari geus gede sok nyepak : Ngukut bujang anu tadina pohara balangsakna, susak dahar susah make, tapi ari geus mulya awak lintuh jeung pake hade, ngalawan ka anu jadi dunungan.
Nete porot ngeumbing lesot : Cukup ari ihtiar mah kalawan mangrupa rupa akal tarekah tapi teu hasil bae.
Ngaliarkeun taleus ateul : Ngabeja bejakeun kagorengan batur atawa kajahatan anu lian.
Nimu luang tinu burang : Nambahan luang atawa pangarti waktu keur pinanggih jeung kacilakaan atawa hukuman.
Nini nini dikeningan, awewe randa dihiasan : Ngamahalkeun barang naon bae anu geus ruksak.

Nyeri beuheung sosonggeteun : Pohara ngarep ngarepna, tapi anu diarep arep teu jol bae datang.
Nyiruan mah teu resepeun nyeuseup nu pait : Lumrahna manusa teu resep reureujeungan jeung nu teu boga.
Ngadagoan uncal mabal : Ngadagoan jeung mikahayang kana rejeki tapi sungklan ihtiar pikeun ngadatangkeun eta rejeki.
Nincak parahu dua : Ngadunungan ka duaan atawa boga dua pausahaan.
Nya picung nya hulu maung : Nu nanya jeung nu ngajawab teu sapagodos, pananya jeung jawaban pasalia, henteu nyambung.
Nyalindung ka gelung : Milu hirup ka pamajikan anu loba pakayana, nu dipalar milu hirup senang, teu karana hese jeung cape.
Nyieun pucuk ti girang : Neangan pilantaraneun pasea, parebut bebeneran.
Nu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan : Nu keur susah ditambah deui kasusahna.
Nyaeuran gunung ku taneuh, sagara ku uyah : Nambahan kauntungan atawa kakayaan ka anu geus beunghar.
Nyaliksik ka buuk leutik : Nyusahkeun, peperedih atawa pepentaan ka jelema anu sahandapeun darajatna jeung pangabogana.
Nyair hurang meunang kancra : Sugan the rek meunang kauntungan, kamuliaan atawa bagja anu leutik manahoreng meunang kauntungan atawa bagja anu gede.
Nyanggakeun suku genteng belokeun, beuheung teukteukeun, disiksik dikunyit kunyit, dicacag diwalang walang : Sumerah, masrahkeun diri rek dibeureum rek dihideung kari kumaha didinya bae, dina rumasa geus salah atawa rumasa boga dosa.
Nete semplek nincak semplak : Ninggang dina salah jeung rugi bae, turug turug kasusah nambahan deuih.
Nyeungeut damar di suhunan : Kulantaran pupujieun ari ka deungeun mah darehdeh jeung mere maweh, tapi ari kabaraya atawa ka dulur sorangan mah sabalikna haseum budi jeung koret deuih.
Nyeungseurikeun upih ragrag : Akey akeyan nyeungseurikeun batur, dumeh buuk geus bodas huntu geus ompong, tonggong geus bengkung turtaning ieu the kahareup mah ku urang sarerea bakal kasorang.
Nyiar batuk piaraheun : Nyiar pigujrudeun, pipaseaeun.
Nyiuk cai ku ayakan : Pagawean nu mubadir, moal ngahasilkeun naon naon.
Nyuhun nanggung ngelek ngegel : Rebo pisan, babawaanana loba naker.
Ngaliarkeun taeus ateul : Ngucah ngaceh perkara atawa rasiah batur anu matak ribut jeung teu ngeunah ka sarerea.
Nangtung kariung ngadeg karageman : Ngariung rarageman ngabadamikeun hiji perkara.
Nu tani kari daki, nu dagang kari hutang : Nu tani jeung nu dagang sarua ripuhna, euweuh nu mulya.
Nyuhunkeun bobot pangayon timbang taraju : Menta pangampura jeung menta timbangan da geus puguh rumasa ari salah jeung dosa mah.
Nepakeun jurig pateuh : Puguh urang nu goreng tapi kagorengan urang teh ditamplokeun ka batur sangkan urang sorangan salamet.
Nepakeun jurig pateuh : Puguh urang nu goreng tapi kagorengan urang teh ditamplokeun ka batur sangkan urang sorangan salamet.
Nete taraje, nincak hambalan : Kudu merenah, lamun aya uruskeuneun teh urang kudu datang ka nu handap heula, kakara terus kaluhur.
Nete semplek nincak semplak : Kieu salah kitu salah.
Nepak cai malar ceret : Ngomongkeun jeung ngagogoreng batur, supaya batur teh ragrag ngarana jeung kawentar kagorenganana.
Neukteuk mari anggeus, rokrok pondokeun peunggas harupateun : Heuras hatena teu sabar dina nyanghareupan rupa rupa kasusahan jeung babari luluasan.
Neundeun piheuleut nunda picela : Neangan pilantaraneun supaya jadi goreng supaya temahna papisahan teu ngahiji deui.
Nyicikeun cai, murulukeun lebu : Turun cadu (cacaduan), pantang ngalampahkeun hiji perkara anu dilarang ku luluhur.
Nyokot lesot ngeumbing porot : Teu aya usaha anu ngahasilkeun.
Nyolok mata buncelik : Nganyenyeri ka batur ku omongan atawa ku laku lampah goreng di hareupeunana.
Nuju hirup ninggang wirahma : Ngeunaan ka jelema anu keur alus milik.
Noong ka kolong : Leutik hate, leutik pangharepan.
Nyukcruk walungan mapay mapay wahangan : Kalawan taliti pisan nalungtik luluhur, imeut pisan pancakakina.
Nu edan dikendangan, nu burung diangklungan : Ngahamina carita tukang wadul.
Nepakeun jurig pateuh : Puguh urang nu goreng tapi kagorengan urang teh ditamplokeun ka batur sangkan urang sorangan salamet.

O
Omong harus batan goong : Beja the gancang naker nerekabna, malah sasarina mah beja anu nerekab teh leuwih hebat batan aslina.
Owah gingsir : Hanteu tetep, henteu ajeg, gunta ganti pamadegan.

P
Paanteur anteur julang : Silih anteur nepi ka aya dua tilu kalina.
Pait daging pahang tulang : Cageur teu keuna ku panyakit naon bae.
Paluhur luhur diuk : Pagede gede kauntungan dina nyiar kipayah.
Piit ngeundeuk ngeundeuk pasir : Mikarep kaanu lain babadna, tangtu moal kasorang.
Pagirang girang tampian : Paunggul unggul nyiar rejeki, teu daek silih seblokan.
Pakotrek iteuk : Laki rabi ti ngongora napi kakolot pisan, pada pada geus jadi aki-aki nini-nini.
Pipilih meunang nu leuwih koceplak meunang nu pecak : Milih kalawan ati ati pisan ku lantaran hayang meunang nu leuwih hade, ngan ahirna meunang nu leuwih goreng
Pur kuntul kari tunggul, lar gagak kari tunggak, tunggak kacuwatan daging : Dian cidrana anu diboreha, boreh anu katempuhan, kudu mayaran hutang anu dipangnanggungkeun.
Paheuyeuk heuyeuk leungeun : Silih bantuan, silih belaan, silih tulungan.
Papadon los ka kolong : Cidra jangji, teu nedunan jangjina.
Pait daging pahang tulang : Carang gering.
Panday tara bogaeun bedog : Sasarina ari tukang mah sok tara bogaeun.
Pacikrak ngalawan merak : Tangtu elehna sabab nu leutik ngalawan anu gede.
Pelengkung bekas nyalahan : Ari keur ngora keneh bageur tapi kakolotnakeun jadi teu bageur.
Peureum kadeuleu beunta karasa : Inget bae, teu bisa poho. Boasana mah lain kana barang tapi ka jelema anu dipikancinta.
Pipilih meunang nu leuwih koteplak meunang nu pecak : Milih kalawan taliti naker, kulantaran hayang meunang nu pang alusna, tapi temahna meunang nu panggorengna.
Pinter aling laing bodo : Pinter tapi embung kanyahoan ku batur, kusabab eta nyeta nyeta anu bodo.
Puasa manggih lebaran : Anu saumur umur miskin tuluy dina hiji waktu papanggih jeung kamuliaan, atawa manggih rejeki anu gede.
Pupulur memeh mantun : Menta ganjaran memeh aya jasa atawa menta buruhan memeh prak digawe.
Puraga tamba kadengda : Migawe hiji pagawean henteu jeung enya enya. Henteu ngandung maksud supaya hade hasilna ieu mah pada ulah dipaido bae.
Pada rubak sisi samping : Sarua bae pada loba luangna, pada loba pangalamanana.
Piruruhan katengahimahkeun : Nu dusun didikan dibawa kana pasamoan.
Pagirang girang tampian : Paunggul unggul dina neangan pangupa jiwa.
Pida cai pindah tampian : Robahna tempat matuh robah adat jeung kabiasaan.

R
Rumbak kuntieun : Henteu lengkep, aya bae anu kurang nu matak cua kana hate.
Rup ku padung rap ku lemah, katuruban ku taneuh beureum : Maot. Sasarina ngeunaan kanyeri anu satungtung hirup moal poho sanajan nepi ka maot.
Raweuy beuweungeun rambay alaeun : Loba dahareun da loba pepelakan.
Rusuh luput gancang pincang : Migawe naon bae anu rurusuhan, temahna matak kaduhung sabab hasilna teu matak nyugemakeun.
Rumbak caringin di buruan : Dina hiji kasusah atawa karerepet geus boga teu boga kolot anu mepelingan ka urang.

S
Seukeut ambeu seukeut deuleu : Loba matamatana jeung pinter nyusud perkara (keur pagawean pulisi).
Sentak badakeun : Teu ceehan dina gawe, mimiti pohara getolna, tapi beuki lila beuki ngedul nu tungtungna teh diantep teu dipigawe pisan.
Sabuni buni anu ngising : Sanajan dibunian atawa disumputkeun oge ari laku lampah anu goreng mah awal akhir sok kudu knyahoan bae.
Sereg dipanto logor diliang jarum : Nyingkahan hirup kumbuh jelema loba, sabab loba dosa, loba kasieun jeung kaera, betahna dinu suni nu teu aya jelema.
Sagalak galakna macan taru nyatu anakna : Sanajan pohara bengisna nu jadi indung-bapa, umuna tara tega ka anu jadi anak.
Saherang herangna cai beas : Galibna hate teh hese pisan beresihna ka jelema anu geus bukti tas nganyernyeri ka urang.
Sakecap kadua gobang : Gampang ngambek jeung gampang ngadek deuih.
Sakririciking duit sakocopoking bogo : Naon bae anu matak narik kana hate urang.
Sibanyo laleur : Ledis pisan, teu nyesa saeutik eutik acan.
Satengah buah leunca : Teu jejeg ingetan, langlang lingling, kurang saeundan.
Sapu nyere pegat simpay : Paturay papisahan.
Saumur nyunyuhun hulu : Saumur hirup rumingkang di bumi alam.
Sengserang padung : Ngeunaan awewe atawa lalaki anu boga keneh napsuna cara baheula keur ngora keneh, sasarina aya di jelema nu geus kolot, nu tereh paeh.
Sagolek pangkek sacangreud pageuh : Hanteu cidra kana jangji.
Seuneu hurung dipancaran : Nu keur nafsu, heug ditambahan pisan pikakeuheuleun, tangtu bae ngambekna jadi tambah.
Saungkab peundeuy : Omongan anu pondok tur kurang manis.
Sabobot sapihanean : Sauyunan, sapapait samamanis sabagja sacilaka.
Saluhur luhur punduk tara ngaliwatan hulu : Sapinter pinterna murid pangartina moal ngaluhuran guru.
Sareundeuk saigel sabobot sapihanean sabata sarimbangan : Sauyunan, layeut, tara aya pacengkadan.
Sangsara di geusan betah : Teuing ku miskin, teu boga naon naon pisan kulantaran geus embung digawe nyiar kipayah. Anehna the ari hirup mah hayang keneh.
Sereg dibuana logor diliang jarum : Kulantaran loba kasalahan atawa dosa, embung cicing di nu rame, sabab sieun, karesepna the di nu suni, nu euweuh jelema.
Seuneu hurung cai caah : Keur ambek, keur amarah, keur napsu.
Seuseut batan neureuy keueus : Hese pisan
Sirung ngaliwatan tunggul : Darajat atawa milik anak ngaliwatan bapa.
Sosoroh ngadon kojor : Kikiriman ku lantaran aya pangarahan tapi boro boro meunang kauntungan, kalahka meunang wiwirang jeung karugian.
Seukeut tambang manan gobang : Sakumaha gagahna wanina jeung ngalawana oge jalma jahat mah awal ahir tangtu katangkep pulisi.
Saherang herangna cibeas, moal herang cara cisumur : Sasarina lamun geus aya pacengkadan sok tara hade deui cara bareto samemeh aya pacengkadan.

T
Teu puguh alang ujurna : Teu puguh entep seureuhna, teu beres lain kitu kuduna.
Teu diambeuan : Teu dipikarisi, teu dipikagimir.
Tikoro andon peso : Ngdeukeutan jelema nu bakal ngahukum atawa nganyenyeri ka diri urang.
Tototpong heureut dibeber beber, tangtu soeh : Nyukupan ku pangala nu sakitu saeutikna, tangtu bae matak jadi susah, lamun rejeki atawa pangala saeutik, ari keperluan jeung pangaluaran anu sakitu lobana.
Teu mais teu meuleum : Teu aya patalina pisan, teu pipilueun.
Teu nyaho di alif bingkeng : Bodo teu bisa maca-maca acan, da teu sakola.
Teu ngalarung nu burung, teu nyesakeun nu edan : Ngalajur nafsu ka awewe, ka anu halal jeung anu haram oge disaruakeun bae.
Teu busik bulu salambar : Teu rogreg rogreg, malah unggul dina juritna.
Teu didingding kelir : Teu dibuni buni, ditembrakeun bae, teu dirasiahkeun.
Teu gugur teu angin : Samemeh kajadian naon naon, teu aya pisan beja, lantaran atawa ciciren.
Taya halodo panyadapan : Terus bae digelendeng atawa dicarekan.
Teui hir teu walahir, teu kakak, teu caladi teu aro aro acan : Teu baraya, teu kaka, teu adi teu alo alo acan. Deungeun deungeun tulen.
Teu nginjeum ceuli teu nginjeum mata : Ngadenge jeung nenjo sorangan lain cenah jeung baruk.
Tinggar kalongeun : Teu sieun atawa teu nurut kulantaran remen teuing digelendeng atawa dicarekan.
Teu beunang dikoet kunu keked : Teuing ku koret, tara pisan tutulung ka nu butuh tatalang ka nu susah.
Teu jejeg ingetan, langlang lingling, kurang saeundan : Menta dihampura tina rumasa geus salah atawa boga dosa.
Teu aya sarebuk samerang nyamu : Teu aya saeutik eutik acan.
Teu mais teu meuleum : Teu pipilueun teu aya patalina naon naon.
Tunggul diparud catang dirumpak : Euweuh anu dipikaserab, terus bae ngalajur nafsu.
Ti peuting kapalingan ti beurang kasayaban : Sababaraha kali karurugian atawa karoroncodan.
Teu boga pikir rangkepan : Teu boga curiga saeutik eutik acan.
Tungkul ka jukut tanggah ka sadapan : Junun nyanghareupan pagawean anu dipilampah, teu kaganggu ku naon naon.
Taya halodo panyadapan : Taya eureuna digelendeng atawa di dicarekan.
Titip diri sangsang badan : Mihapekeun maneh.
Teu dipiceun sasieur : Sarua pisan teu aya bedana saeutik eutik acan.
Tamiang meulit ka bitis : Meunang wirang ku lantaran ngucah ngaceh rasiah batur.
Tamplok batokeun : Berehan teuing nepi ka urang mah susah.
Teu ditari teu ditakon : Teu dipalire diantep bae, teu ditanya tanya acan.
Teu jauh ti tihang juru teu anggang ti tihang tengah : Nya goreng rupana nya goreng kalakuanana sok daek pulang paling.
Tiis ceuli herang mata : Ngeunah hate kulantaran ngeunah deudeuleuan jeung dedengean
Tipu keling ragaji Inggris : Pinter dina kajahatan, pinter dina ngbobodo atawa nipu.
Titirah ngadon kanceuh : Sejana nyiar kasenangan, tapi jadina pinanggih jeung kasusah nu leuwih gede.
Teu cari ka Batawi tapi ka salaki : Hakan pake hayang ti salaki.
Tugur tundang cuntang gantang : Ngajalankeun pagawean pikeun Nagara, babakti ka nagara.
Tunggul sirungan, catang supaan : Aya kajadian anu goreng atawa matak teu genah ahirna.
Teu wawuh wuwuh pajauh, teu loma tambah paanggang : Sing wawuh tur sing loma sabab balukarna alus pisan.

U
Ulah kabawa ku sakabakaba : Ulah kabawa ku nu teu puguh, maksudna : kabawa jurig, dedemit.
Ulah beunghar memeh boga : Ulah adigung nyeta nyeta anu beunghar, turtaning henteu atawa tacan boga pakaya.
Ulah tiis tiis jahe : Kudu iatna, kudu cingceung.
Ulah muragkeun duwegan ti luhur : Masing nyaah kana rejeki meunang hese cape ladang kesang, pacuan arek dimonyah monyah.
Ulah unggut kalinduan ulah gedag kaanginan : Ulah kagoda, ulah kaganggu atawa kabengbat ku rypa rupa, lamun urang keur nyanghareupan hiji maksud anu hade.
Ulah cara ka kembang malati kudu cara ka picung : Ulah sok bosenan ari ka pamajikan teh, hadena mah ti keur ngora keneh nepi ka geus kolot teh, lain beuki lila beuki bosen tapi kudu beuki lila beuki welas asih.
Ulah cara ka malati kudu cara ka picung : Ulah ngurangan kanyaah kudu beuki lila beuki nyaah.
Uyah tara tees kaluhur : Galibnma sifat indung bapa anu harade atawa anu goreng sok diturunkeun ka anak incuna.
Ulah pangkat memeh jeneng : Ulah adigung adiguna hayang

W
Wiwirang di kolong catang nya gede nya panjang : Wiwirang nau pohara gedena.
Waspada permana tingal : Bisa nyaho kana naon naon anu bakal kajadian

Repots
http://www.blogger.com/post-create.g?blogID=7360655598506081262